Di VisaDi VisaRohimat Nuryana ? saha nya ? kenal teu ? pasti henteu, lamun teu kenal sok kenalkeun nami abdi teh Rohimat Nuryana, biasana disebat imat, aya oge anu nyebat ryan, tapi teu langkung sok weh kuma dulur rek nyebat nanaon ge. Abdi di lahirkeun di Subang kaping 19 Juli 1988, di sakolakeun SD di SD Negeri Bantarsari, di teraskeun ke SMP Negeri 2 Cijambe, di tamatkeun ku SMK Negeri 1 Subang, ayeuna nuju ngaemam pendidikan di STMIK “AMIK BANDUNG”, naon deui nya ?? tos ah sakitu weh perkenalanna mah, cekap kan?

abdi ngamimitian kenalan sareng blog waktos di SMK, iseng-iseng daftar ka salah sahiji situs blog gratis, eh malah kakeunaan rasa resep, sok hayang curat-coret wae dina blog. nyarioskeun pangalaman, curhat sareng anu sanesna. tapi saparantos tiasa ngadamel situs pribadi, blog-blog abdi teh teu ka urus deui.

tapi lami-lami abdi teh bosen ngadamel web pribadi teh sabab saeutik anu sumpingna seueuran keneh blog jadi weh ayeuna balik deui nyoo blog.,,heee,,punten ah bahasana rada cararanggung.,,,